RG Terjemahan

Selasa, 14 Agustus 2012

DIAJAR AKSARA SUNDA

Kalimah inti




Kalimah Panambih
















Conto


Koleksi iket kakang









WALLPAPER MAUNG SILIWANGI


Gagah Lir ibarat Maung Siliwangi.
Kuring Nangtung di pajajaran.
Ngawengku tatar sunda.
Mikaresep budaya sunda.
Ngaajen Ka urang sunda.
lantang linting ngilu rungsing.

Siang teu weleh eleh jeung eleh.
reup peuting ngan ukur cicing.
hirup asa teu puguh padumukan.
Ninggal nu sanes Mikaweru budaya batur

Mieling Budaya, Mupusti adat seni sunda (LOGO)

Sabale, Sasunda, Sasiliwangi.
Mieling budaya mupusti adat.
Prak tandang Geura bela, lemah Cai tanah Sungkawa.: Nu urang, Kurang. Jang urang....!!!

Senin, 09 Juli 2012

RAJAH SILIHWANGI


Amit ampun nun paralun ka Gusti nu Maha Suci

Neda pangjiad pangraksa para abdi-abdi seni

Seja ngaguwar raratan tetes waris nini aki

Ngembatkeun jalan raratan katampian geusan mandi

ka leuwi sipatahunan leuwi nu ngaruncang diri

Diri anu sakiwari rek muru lulurung tujuh

Ngaliwat ka Pajajaran bongan hayang pulang anting

Padungdengan-padungdengan jeung usikna pangancikan

Pun sapun

Sampurasun karumuhun ka hyang Prabu Siliwangi

Nu murba di Pajajaran pangumpen seuwi siwi

Nu Gelar di Tatar Sunda muga nebarkeun wawangi..