RG Terjemahan

Senin, 09 Juli 2012

RAJAH SILIHWANGI


Amit ampun nun paralun ka Gusti nu Maha Suci

Neda pangjiad pangraksa para abdi-abdi seni

Seja ngaguwar raratan tetes waris nini aki

Ngembatkeun jalan raratan katampian geusan mandi

ka leuwi sipatahunan leuwi nu ngaruncang diri

Diri anu sakiwari rek muru lulurung tujuh

Ngaliwat ka Pajajaran bongan hayang pulang anting

Padungdengan-padungdengan jeung usikna pangancikan

Pun sapun

Sampurasun karumuhun ka hyang Prabu Siliwangi

Nu murba di Pajajaran pangumpen seuwi siwi

Nu Gelar di Tatar Sunda muga nebarkeun wawangi..